Sab. Sep 6th, 2025
Rajah Batu

Nagari batu, nagari cadas
Nagari bedas, nagari camah
Rahayat rea kasusah
Pamarentah beulah
NU di Imah hese obah
Rea semah mawa runtah
Darma siksa palastra
Resi, satria, Rama
Ngajarah rajah pamunah
Pareang ngalayah
Pareang ngahalang
Mandala kahirupan

 Batu gede batu leutik
Mun ngahiji centring manik
Batu gunung batu kali
Ngalindes tali paranti

 Batu gede ngadon jumawa.
Batu leutik katalangsara
Batu gunung jadi adigung
Batu kali humaregung

 Batu kujang nungkulan kahirupan
Batu gilang surup di tungtung zaman
Batu-batu boga nyawa
Batu-batu nyimpen rasa
Batu-batu mawa tanda
Ngingetan Kabeh manusa
Manusa sulaya nu mawa mamala

 Batu tulis warisan karuhun
tetengger budaya nu agung
Ancur hirup mun teu ngajenan
Ilang musnah kalindes zaman 

Batu-batu diadu
Batu-batu dirogahala
Batu Ali api
Batu koral jadi aral
Batu asah jadi kasusah
Batu pipih jadi beulah
Batu menhir jadi hanyir
Batu puja jaja bahala
Batu gilang jadi giling
Batu kujang jadi pakarang

 Batu-batu kasilih Harti
Ngaruksak tali paranti
Batu-batu obah rupa
Titenan ku sia
Titenan ku sia
Nagara Bangsa andika
bakal rungkad diamuk bala 

Balik deui sia kabeh
Alam raya moal sare
Sing saha nu ngarusak kasaimbangan
Sing saha nu ngarusak kaadilan
Bakal burak kagusur zaman  

Sucikeun hate
Caangkeun pipikiran
Hijikeun maksud tujuan 

Silih asih
Silih asah
Silih asuh
Bangsa urang teu ripuh
Nagara urang moal runtuh
Hirup hurip bakal hade
bagja wangsa begea sararea 

“Di Nu Kiwari Ngancik Nu Bihari Seja Ayeuna Sampeureun Jaga.” 

“Pakena gawe Rahayu, pakeun jaya di buana” 

Ciliwung: 3/9/25

*Dibacakan pada kegiatan “Pameran Lukis Batu” Tohir Kulikulo dan KPJ Pos Bantaran Kali Ciliwung, 03 September 2025

Vakansiinfo – Heri Mardi Purwanto, yang lebih di kenal dengan nama Cokro, lahir di Bandung pada 16 April 1976. Ia adalah seorang pekerja seni dan pendidik yang memiliki banyak bakat. Sejak masa sekolah di Sekolah Menengah Seni Rupa Bandung (1993-1996). Ia aktif mengikuti berbagai pameran seni, seperti seni ukir, lukisan batik, dan seni kriya.

Baca Juga  Tak Dapat Dukungan Pemkot, Kandaga Urang Sunda Batal Gelar Doa Bersama HUT RI

(Red)

Related Post